Tujuan Ngaos sholawat ka kanjeung Nabi Muhammad Saw
Sholawat urang ka kanjeung Nabi Muhammad Saw,Sakedikna aya 3 Tujuan Nyaeta :
1. Seja syukuran ( nganuhunkeun ) ka kanjeng Nabi saw krn sbb mantena urang dipasihan terang behdituna diwawuhkeun ka Pangeran tegesna Gusti Alloh swt. Numawi wajib urang syukuran ka kanjeng Nabi saw. Dn Hadis Qudsi Alloh swt ngadawuh
عبدي لم تشكر لي حتي تشكر لمن اجريت النعمة علي يديه
Hey hamba kaula, can kaasup syukuran anjeun ka kaula sahingga syukuran hla anjeun ka jalma anu jadi sabb diturunkeunana ni'mat.
Ngan lamun nalipak kana beungeut, moal kurup urang nganuhunkeun ka kanjeng Nabi saw sanajan ku ngucurkeun getih oge, sahingga ku GustibAllh swt urang sadaya diwuruk sholawat sebagai tanda syukur ka kanjeng Nabi saw. Numawi sadayana sholawat di sarandekeun ka Gusti Allh swt ku bahasa allohumma atawa shollallohu.
2. Sebagai tanda cinta ka kanjeng Nabi saw, sanaos saestuna moal kurup jg moal mampuh urang ngabuktikeun cinta ka kanjeng Nabi anu saenyana sabab apesna urang, numawi Allh swt ngawurukan urang sholawat ka kanjeng Nabi saw
3. Sebagai bukti ta' dziim wa takriiim ngagungkeun jg ngamulyakeun ka kanjeng Nabi saw, ngan nyakitu moal mampuh urg sdy ngagungkeun tur ngamulyakeun kanjeng Nabi saw anu salayakna. Numawi Allh swt ngawuruk ka urg sadaya sholawat ka kanjeng Nabi saw.
Numawi hakekatna nalika sholawat dimimitian ku kecap " Allohumma " atw " shollallohu "
Lamun dibasakeun ku bahasa urang eta lafadz ngandung makna :
" ya Alloh nun Gusti Pangeran abdi, wajib kr abdi syukur, cinta jg ngagungkeun tur ngamulyakeun ka kanjeng Nabi saw, ngan rumaos abdi moal mampuh ku apesna abdi, numawi pang baleskeun ku Gusti atas nami abdi sadaya, syukur, cinta jg ngagungkeun oge ngamulyakeun kanjeng nabi saw "
والله اعلم بالصواب
- 336Orang Dijangkau28Interaksi


Komentar
Posting Komentar